Pupuh Priangan


PUPUH PRIANGAN

Lagu/Lirik Panambah H. Yus Wiradireja
Laras : Wisaya (4=Panelu)
Pupuh Karya H. Yus Wiradireja anu ka 18


Pupuh priangan, pupuh priangan
Dangding pupuh priangan (2x)
Pupuh, pupuh, pupuh, pupuh priangan

Ieu dangding pupuh priangan (a)
Digurit reujeung disanggi (i)
Lajuning lampah karuhun (u)
Keur jembarna sunda rancage (e)

Muga lain catur omong (o)
Narekahan seni sunda sangkan nanjeur (eu)
Cangreudkeun hate sing raket (é)
Muga ulah rek pakia-kia (a)

Na amparan cinta mideudeuh (eu)
Pupuh priangan
Seni sunda urang pupusti (i)
Pupuh priangan
Wariskeun sakumna ka anak incu (u)
Sangkan ajeg ajen budayanya (a)

0 Response to "Pupuh Priangan"

Posting Komentar